Rabu, 09 Februari 2011

4) biodata
a)ngaran lengkap:
b)ngaran panggilan:
c)T.TL:
d)agama:
e)golongan darah:
f)tinggi badan:
g)berat badan:
h)bintang:
i)hobby:
j)cita-cita:
k)anak ka sabaraha:
l)motto hirup:
m)no. tlp/Hp:
n)nami sepuh
-abah:
-padamelan:
-ambu:
-padamelan:
-no tlp/hp abah:
-no tlp/hp ambu:
o) alamat anu lengkep:

Minggu, 06 Februari 2011

Diamparan ku Basmalah bubuka lalangse hate, sangkan bagja tinekanan,najan sakabeh awak-awakan sadar yen dina lumaku sajeroning hirup karempan jeung kahariwang nu manjang datang dina angen satiap inssan, kitu deui dina nyinghareupan poe anu bakal datang, sok sieun leungiteun basa, budaya jeung seni warisan ti sepuh-sepuh urang, saupami urang nitenan kanyataan nonoman kiwari anu ampir leungit jati dirina salaku urang Sunda, boh basa, budaya jeung paripolahna.
Satemenna kabagjaan mangrupa rohmat jeung karunia Allah Subhanahu Wata’ala anu ngarupakeun hak sakumna manusa. Tatar Sunda nu ditakdirkeun hiji lemah cai anu subur turta endah dibarengan ku masyarakatna anu religius tur someah ka semah bari mibanda basa jeung budaya nu nyongcolang salaku ajen jeung inajen diri anu dipatri dina kaluhungan hirup anu resep silih asih tulungan jeung silih tungtun dina ngajalankeun kahadean..