Minggu, 03 April 2011

prestasi:
non akademik:
-juara hiji maca yasin.

akademik:
SD
-kelas 1 rangking 3
-kelas 2 rangking 1
-kelas3 rangking 3
-kelas4 rangking 3
-kelas5 rangking 6
-kelas6 rangking 4
SMP:
-kelas 1 rangking 7
-kelas 2 rangking 9
-kelas 3 ranking 10
SMA
-kelas 1 rangking 12

Sabtu, 02 April 2011

abah
abah abdi lahir dinten senen tanggal dua puluh bulan salapan taun salapan belas genep dua (19-09-1962) abah abdi lahir ti pasangan suwito jeung kastimah, pasangan eta boga anak tilu nu kahiji namina siti, nu kadua rohmat , jeung nu katilu abah abdi nu nami na suparno, abah abdi lahir di jepara. aki abdi teh keur abah urang umur tujuh taun anjeun teh kawin deui, kusabab abah abdi teu resep ka ambu tiri na, anjeun tinggal jeung buyut abdi, kusabab buyut abdi teu bisa nanaon jadi abah abdi nu neangan duit, anjeun samemeh sakola teh neangan lauk keur di jual. abah abdi teh sakola teupi ka smp ( sakola menengah pertama), abah abdi asup sakola teh geus mandiri, asup sakola eweuh nu ngadaftar keun, ker dahar ge nangan sorangan
abah abdi nikah di umur dua puluh opat . di taun salapan belas dalapan opat(1984) jeung awewe nu nami na suparno. ti pasangan eta boga anak opat nu kahiji namina chasan basri, nu kadua anwar syidiq, nu katilu budi yunus, jeung nu ka opat abdi bagus wicaksono.


ambu
ambu abdu lahir dinten rabo di jepara tanggal tilu belas, bulan sapuluh, taun salapan belas genep genep(13-101966) ambu abdi lahir ti pasangan suhaji jeung sarofah nu dibere nami sri mundarifah. ambu abdi teh anak pertama ti tujuh bersaudara nu anak ka dua nu di bere ngaran trisno, nu katilu nana, nu anak ka opat harini, anak ka lima mutia, anak ka geneup, lisna wati, anak ka tujuh lusi.

nini abdi teh nikah di umur opat taun, da perkawinan adat, tapi keur umur dua pulh taun anjeun nikah deui supaya sah. ambu abdi nikah di umur salapan belas. di taun salapan belas dalapan opat(1984) jeung lalaki nu nami na suparno. ti pasangan eta boga anak opat nu kahiji namina chasan basri, nu kadua anwar syidiq, nu katilu budi yunus, jeung nu ka opat abdi bagus wicaksono.
Kecap panganter

Puji syukur simkuring sampaikan ka hadirat Pangéran Anu Maha Pemurah, alatan berkat kemurahannya makalah ieu bisa simkuring pungkaskeun luyu anu diharepkeun.Dina autobiografi ieu simkuring ngabahas “Autobiografi sorangan atawa Kahirupan simkuring”
Makalah ieu dijieun dina raraga tugas autobigrafi basa sunda nu ngajelaskeun tentang kahirupan simkuring, ti mulai di jero kandungan, simkuring keur balita, simkuring keur SD, simkuring keur SMP jeung dimkuring SMA
ku kituna rasa hatur nuhun anu dalem urang sampaikan:
• Bu Herninah salaku guru panon pelajaran “Basa sunda”
• Rerencangan anu geus loba méré masukan pikeun makalah ieu.
• Kulawarga simKuring

Kitu autobiografi ieu kuring jieun muga méré mangpaat,
Karawang,18 Maret 2011
Panyusun

Jumat, 01 April 2011

bayi
abdi lahir dinten salasa, tanggal dua januari taun salapan belas salapan pluh genep(2-1-1996). abdi teh keur leutik cengeng pisan unggal peuting abdi ceurik wae', abdi beruntung boga abah jeung ambu nu bageur pisan ka urabg, urang lahir di kalluarga sederhana, abdi boga lanceuk tilu lalaki kabeh, lanceuk nu kahiji namina chasan basri, nu kadua, anwar syidiq, nu katilu budi yunus, jeung abdi bagus wicaksono. lanceuk abdi nu kadua kuer urang umur dua bulan anjeun maot kusabab ususna melillit,.
keur abdi leutik pernah rek ditukeur ku bayi nu awewe kusabab abah abdi teu boga anak awewe, , keur abdi leutik abdi sok di asuh ku pegawai di bumi abdi, pan di abah adi boga pabrik roti di pengkeren bumi abdi, abdi lahir di desa kedung waringin kecamatan kedung waringin kota bekasi, di bidan enung abdi lahir,
balita
keur abdi umur lima taun nu sok di sebat balita, eta lumayan badeur, unggal poe abdi nyiwitan atawa nonjokan pegawai di imah urang, keur umur lima taun pernah kajadian sangking badeurna urang, dina hiji poe abdi diajakan ku ambu urang ka pasar tapi abdi teh alim, sabab di paksa ku ambu jadi abdi ngiring najan beurat hate ge, tepi di pasar abdi ngambek trus balik sorangan, abdi leumpang ti pasar ka imah nu jarakna jauh, tos kitu abmu abdi neangan tuepi ka ceurik-ceurik, tukang becak ge ngabantuan ambu tepi muter-muter dipasar, teupi na abdi di bumi abdi diomelan ku abah abdi, abdi ge pikeun ceurik, abdi teu asup TK(taman kanak-kanak) tapi abdi les private jeung lanceuk abdi nu keur kelas opat. guru les abdi naunamina pak sudarpo. abdi asup SD di umur lima taun setengah .
SD
abdi asup sd ditaun 2001 keur umur 5 setengah taun, abdi asup di sdn kedung waringin 01. keur poe kahiji abdi asup abdi masih di anterkeun keneh kusabab abdi masih era. keur abdi di kelas dua abdi meunang rangking 1, sabab abdi meunang rangking hiji jadi abdi di ajak ku abah jeung ambu abdi ka jepara ka imah nini urang jeung di beli keun sapeda. keur abdi di kelas tilu alhamdullilah abdi meunnang rangking tilu, tapi abdi teu menta nanaon kusabab nu abdi penta geus di bere di kelas dua,.
dina hiji poe abdi pernah dimusuhan ku rerencangan abdi sakelas di kelas genep, sabab aya anu teu ngenah ari abdi jadi ketua regu pramuka , urang dimusuhan ku rererncangn urang tepi saminggu, keur ujian praktek abdi dititah nyanyi make bahasa inggris najan teu bisa ge abdi paksakeun.....
sma
abdi asup sma (sekolah menengah atas) di taun 2010 keur umur abdi 14 taun, abdi asup di sman 5 karawang, poe kahiji abdi di mos ditittah mawa
makanan beurat
-bilatung bodas(nasi)
-gunung salak(cai minum)
-dua panggilan teu kajawab(tumis kol)
-popaye kecebur(sayur bayem)
makanan ringan
-sarang laba-laba(taro)
-kaki berdarah(pewrmen kaki)
sabab abdi teu mawa kadaharan nu kuduna chiki taro abdi malah mawa karupuk jadi abdi dihukum ku akang jeung teteh. di poe katilu abdi di titah nyieun surat cinta. sabab abdi salah nyieun surat cinta jadi abdi kudu maca surat cinta eta di bacakeun diharepeun gugus nu sejen.

poe kahiji abdi asup di sman 5 karawang nu salah sahiji jadi sakola faforit abdi teh teu ngarasa gugup kusabab dikelas X.10 teh loba alumni ti spmn 1 karawang. di kelas X.10 teh nu wali kelas na bu ratna nunagajar ekonomi.

di bulan januari rerencangan abdi nu namina endy ahamad zakaria berpulang kerahmatullah anjeun teh di rawat di rumah sakit cito kusabab boga penyakit batu ginjal

Kamis, 31 Maret 2011

Rabu, 30 Maret 2011

SMP
abdi asup smp di taun 2007,keur umur abdi sabelas taun. keur mos (masa orientasi siswa) abdi dijailan ku kaka kelas,abdi di titah nyanyi di hareupeun gugus batur, Mos dilaksanakeun tilu poe. abdi asup dikelas VII F nu wali kelas na bu zuhriah nungajar IPS. abdi asup di SMPN 1 Karawang. keur kelas hiji semester dua Alhamdullilah abdi meunang nilai anu lumayan alus. keur liburan semester abdi jalan-jalan ka jepara ka bumi na aki jeung nini abdi.
abdi asup di kelas VIII K nu wali kelasna Bu euis Asmarasari nu ngajar bahasa indonesia, anjeun guru nu tegas, kelas kudu besih, murid kudu disiplin. keur ulangan kelas dalapan abdi ulangan dihijikeun jeung kelas salapan, jadi nu abdi teu bgartos bisa abdi tanyakeun.
keur kelas salapan abdi asup di kelas IXF nu wali kelasna bu tni surtini, nungajar bahasa indonesia, keur poe kahiji abdi asup di kelas salapan, urang bungahpisan kusabab katimu jeungrerencangan abdi nu di kelas tujuh. dikelas salapan teh abdi boga sahabat nu namina, Endy ahmad, indra gunawan, hafid arya. urang ari kamana-mana jeung eta tiluan, keur ujian praktek abdi di titah nyirun drama ku guru seni rupa, urang latihan darma tepkeun dua bulan, keur ujian praktek kelompok drama urang nuang alusna jadi dititah tampil di pensi perpisahan kelas salapan.

Rabu, 09 Februari 2011

4) biodata
a)ngaran lengkap:
b)ngaran panggilan:
c)T.TL:
d)agama:
e)golongan darah:
f)tinggi badan:
g)berat badan:
h)bintang:
i)hobby:
j)cita-cita:
k)anak ka sabaraha:
l)motto hirup:
m)no. tlp/Hp:
n)nami sepuh
-abah:
-padamelan:
-ambu:
-padamelan:
-no tlp/hp abah:
-no tlp/hp ambu:
o) alamat anu lengkep:

Minggu, 06 Februari 2011

Diamparan ku Basmalah bubuka lalangse hate, sangkan bagja tinekanan,najan sakabeh awak-awakan sadar yen dina lumaku sajeroning hirup karempan jeung kahariwang nu manjang datang dina angen satiap inssan, kitu deui dina nyinghareupan poe anu bakal datang, sok sieun leungiteun basa, budaya jeung seni warisan ti sepuh-sepuh urang, saupami urang nitenan kanyataan nonoman kiwari anu ampir leungit jati dirina salaku urang Sunda, boh basa, budaya jeung paripolahna.
Satemenna kabagjaan mangrupa rohmat jeung karunia Allah Subhanahu Wata’ala anu ngarupakeun hak sakumna manusa. Tatar Sunda nu ditakdirkeun hiji lemah cai anu subur turta endah dibarengan ku masyarakatna anu religius tur someah ka semah bari mibanda basa jeung budaya nu nyongcolang salaku ajen jeung inajen diri anu dipatri dina kaluhungan hirup anu resep silih asih tulungan jeung silih tungtun dina ngajalankeun kahadean..